Laman

Kamis, 06 Maret 2014

contoh sinopsis bahasa sunda



Jejer Novel     : Patepung di Bandung
Pangarang      : Taufik Faturohman
Novel ieu nyaritakeun hiji kulawarga anu papisah kulantaran ekonomi. Ema jeung Bapana Kopndi pisah kulantaran Bapana geus teu bisa nyukupan kabutuhan kulawarga. Teu kungsi lila ti pisahna jeung Bapa, Emana Kondi teh kawin deui. Kondi jeung Kang Odong, lanceukna embungeun ngilu ka Emana anu geus beunghar jeung salaki anyarna. Maranehna leuwih milih cicing di imah ngurus Bapana anu ayeuna jadi geuring ripuh.
Kang Odong geus dewasa, manehna kawin jeung Ceu Iti. Bapa anu asalna diurus ku-2an ayeuna ngan diurus ku si Kondi. Manehna ngabagi waktu antara sakola jeung digawe. Dina waktu ujian nasional si Kondi Alhamdulillah Lulus, Bapana bungaheun. Geus Lulus sakola SD si Kondi neangan gawe tapi anu deukeut da sieun Bapana kukumaha.
Dina hiji poe aya beja yeun Kang Odong teh mawa duit dununganna manehna di penjara di Bandung. Lila pisan euwwuh kabar ti Kang Odong jaba dina waktos etateh Ceu Iti anu keur bubureuyeungan teh ngalahirkeun. Teu kungsi lila oge dina hiji poe pas si Kondi balik gawe manehna reuwas sabab pas datang kaimahna Bapana geus mulang kapati. Si Kondi sumegruk ceurik.
Ayeuna si Kondi ngan nyorangan di imahna, Emana ge ngajak si Kondi ka imahna ngan manehna embungeun da meureun moal aya nu miara imahna. Sabulanan si Kondi teu digawe da masih kafikiran Bapana, ayeuna manehna digawe deui. Manehna gawe di pabrik aci, ditempat eta manehna ngarasa gumbira deui da loba babaturan anu nyaaheun. Hiji waktu aya anu nawaran pagawean di Bandung jadi anu nungguan jongko beas. Kondi narima tawaran eta, saacan eta Emana datang ka imahna menta imah paninggalan Bapana dijual jang ngamodalan Bapa terena. Kondi nolak pamenta Ema.
Lumayan lila si Kondi gawe di Bandung teh kiwari manehna boga duit keur nyukupan kahirupanna sorangan. Di hiji waktu manehna ngadenge beja yen Emana geus papisah jeung Bapa terena, Kondi balik ka Kampungna. Emana kiwari cicing diimah si Kondi nu dikampung.
Hiji waktu Kondi inget ka lanceukna anu geus lila teu mulang, geus kaditu-kadieu Kondi jeung dununganna neangan Kang Odong, eh kanyataanna Kang Odong teh aya gawe di tempat anu teu jauh ti jongko beas tempat si Kondi digawe. Sanggeus paamprok, Kondi jeung Kang Odong balik ka Kampung. Ema, Ceu Iti oge anakna Kang Odong, jeung tatangga saruka bungah pas ninggal Kang Odong balik deui.
Kang Odong ngajak Ceu Iti jeung anakna hirup di Bandung, da ai Ema mah tetep pengkuh hayang cicing di Kampung hayang ngurus imah titinggal Bapa si Kondi. Si Kondi oge diurus jeung dititah sakola deui ku Emana. 


Jejer Novel     : Banjir Getih di Pasantren Cimareme
Pangarang      : Aan Merdeka Permana
Novel anu jejerna  Banjir Getih di Pasantren Cimareme nyaritakeun hiji kajadian anu nyata di tahun 1918. Novel ieu nyaritakeun kumaha tanggohna pamadegan rakyat di Cimareme anu dipingpin ku KH. Hasan Arief.
Dina novel eta, kacaritakeun dina masa Pamarentahan Walanda di Indonesia, Walanda kudu mantuan Prancis dina Perang Dunya I. Kaayaan sosial-ekonomi Nagri Walanda kaganggu, jang ngungkulan kabutuhan nagara, Walanda ngawajibkeun nagara jajahanna sangkan ngajual pare dua pikul saban usum panen. Namung, aya hiji wewengkon di daerah garut anu nolak parentah Walanda.
Kanjeng Haji Hasan Arief jeung rahayat Cimareme nolak parentah eta. Pamadegan aranjeunna, Walanda teh nyaeta Nagri anu parantos nganyangsarakeun rahayat Indonesia dugikeun ka mang-ratus taun lilana, maenya ayeuna rahayat Indonesia kudu merekeun pare anu jadi sumber kahirupanna ngan jang Nagri Walanda. Lamun urang mere pare ka Walanda sarua wae urang ngajadikeun Walanda leuwih kuat.
Sababaraha kali aya anu ngolo ka rahayat Cimareme sangkan merekeun parena, cenah lamum teu merekeun parena lembur Cimareme bakal digempur ku Walanda. Namung, KH. Hasan Arief jeung rahayat Cimareme tetep tanggoh kana pamadegannana. Ti saprak aya surat ancaman nya tiap peuting rahayat Cimareme sok Solat Maghrib, Sholat Isya, Sholat Gaib, Dzikir, Sholat Tahajud babarengan di Pasantren Cimareme, nya ai anu teu kasorang ka pasantren nya sok diimahna. Maranehna ngadu’a ka Gusti Alloh SWT malar disalametkeun di dunya tur di akherat.
Ari pasusubih, 12 Agustus 1918, sabot Kanjeng Haji katut rahayat Cimareme ngumpul ngariung Sholat Berjamaah di Pasantren, harita pas pasukan Walanda ngepung aranjeunna tetep pengkuh jeung huhu ngalankasanakeun sholat wajib anu diteruskeun ku sholat gaib. Sholat eta sholat pamungkas jang rahayat Cimarene da pas aranjeunna sholat, kadenge aweuhan takbir jeung tinggorowok nyebatkeun asmana Alloh pacampur jeung sora bedil anu darderdor.
Dina waktu carangcang tihang masih kaambeu haseup disabudeureun masjid, getih nguyumbang beureum dina palupuh, sawarehna nyarakclakan tina sela-sela palupuh, maseuhan lemah di kolong masjid anu kaluar tina raga ratusan suhada. Sanggeus kajadian eta, sakabeh Pasantren di satatar Priangan teu weleh dititenan jeung diintip-intip ku Walanda da bisi aya deui anu ngalanggar siga rahayat Cimareme.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar