Laman

Kamis, 23 Oktober 2014

Karya Tulis Ilmiah Bahasa Sunda



Basa Sunda Dilawang Panto Katumpuran Kusabab Nonomanna Anu Kurang Aya Minat Kanggo Ngamumulena

Karya Tulis Ilmiah

diajukeun kanggo nyumponan salah sahiji pancen basa Sunda
ku

Rizki Amalia Nurfadhilah
NISN  9991004187
IX-H





41608_115660530960_3372795_n.jpg


DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 1 SUMEDANG
Jln. Kebonkol No. 18 Sumedang Telp (0261) 201358
2014



“ Raihlah Kebahagiaan dengan Kejujuran”

“Hadapi dan Jalanni hidup ini seperti air yang mengalir, dengan Keikhlasan, Kesabaran, Ketabahan, dan Ketawakalan, Insyaallah disanalah kamu mendapat kebahagiaan dan arti hidup yang sesungguhnya J

“Lamun  henteu ayeuna rek iraha deui ? Lamun henteu ku urang rek kusaha deui ?”

“Ulah salah lampah lamun aya masalah, Sumujud weh dina amparan Sajadah”

“Kade ! Ati-ati jeung taliti tong gampang percaya ka omongan batur sanajan eta babaturan sorangan, Biasana anu leuwih deukeut anu leuwih bisa ngahancurkeun urang”

“Sholat atawa disholatkeun ?”

“Koreksi diri anda terlebih dahulu sebelum mengomentari orang lain”

“Jangan pernah menghina orang yang dekat dengan anda, karena mereka merupakan pantulan diri anda sendiri”

“Jika anda ingin merubah hidup anda menjadi lebih baik, lakukan sekarang, jangan sampai menunda-nunda suatu kebaikan”

PANGJAJAP

Puji sinareng syukur pangarang panjatkeun kahadirat Gusti nu Maha Suci tur Maha Welas, anu parantos masihan kasempetan kanggo pangarang kanggo ngerjakeun pancen ieu. Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ngagolontor ka Nabi Panungtung Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulawarga, sohabat, tabi’in tabi’at tug dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah bakal kenging syafaat ti mantenna engke di poe akhir.
Salajengna, pangarang ngahaturkeun sewu nuhun ka ;
1.      Euis Arifianti S.Pd., M.M.Pd. salaku Pupuhu Sakola SMP Negeri 1 Sumedang.
2.      Kurniati S.Pd. salaku wali kelas IX-H SMP Negeri 1 Sumedang tahun 2013/2013
3.      Rokayah salaku guru Basa Sunda sakaligus guru pambimbing anu parantos masihan pancen ka pangarang.
4.      Rerencangan saangkatan, Lanceuk kelas jeung Adi kelas anu parantos masihan saran.
5.      Kulawarga jeung baraya anu parantos ngadukung boh dina moril atawa dina materil sarta anu teu eureun-ereunna ngado’akeun demi kaberhasilan pangarang.
Ku kahandap asoran, pangarang sadar yen Karya Tulis Ilmiah anu jejerna ‘Basa Sunda Dilawang Panto Katumpuran Kusabab Nonomanna Anu Kurang Aya Minat Kanggo Ngamumulena’ kuayana bantosan, bimbingan, nasehat, sareng do’a ti seueur pihak. Ku kituna, pangarang ngahaturkeun seuwu nuhun kasadayana pihak. Mugia Allah SWT masihan balesan anu manglipat ganda ka aranjeunna anu parantos ngabantos pangarang.
Akhirna, Pangarang sadar yen masih seueur kalepatan dina Karya Tulis Ilmiah ieu.Mugia wae Karya ieu tiasa janten sumbangsih sareng mugi wae aya mangpaatna hususna kangge pangarang, umuna kangge urang sadaya. Amiin.


                        Pangarang,













DAPTAR ISI
Kaca
MOTTO......................................................................................                   i
PANGJAJAP.............................................................................                   ii
DAPTAR EUSI..........................................................................                  iv
BAB I BUBUKA
1.1  Kasang Tukang Masalah......................................................                 1
1.2  Rumusan Masalah................................................................                 2
1.3  Watesan Masalah.................................................................                  2
1.4  Tujuan..................................................................................                  2
1.5  Mangpaat.............................................................................                  3
1.6  Sasaran.................................................................................                 4
1.7  Padika Panulisan..................................................................                 4
1.8  Sistematika...........................................................................                 4
BAB II KAJIAN TIORI
2.1  Ngajentrekeun Hal anu ngajadikeun basa Sunda kurang
diminatan ku Nonoman di Tatar Sunda..............................                  5
    2.2 Ngajentrekeun Cara supaya basa Sunda henteu carem......                   8
BAB III PANUTUP
    3.1 Kacindekan.........................................................................                  13
    3.2 Saran...................................................................................                  13
DAFTAR PUSTAKA................................................................                  14




1.1     
1.2     
Kasang Tukang
Leungitna Kabudayaan Sunda di Kalangan Remaja


Kolot henteu ngawanohkeun budaya sunda ka barudak maranéhanana. Padahal perkenalan
saprak dini bisa numuwuhkeun minat barudak ka budaya local. Sumawona lumangsung
perkawinan silang. Conto, jelema sunda sarta jelema jawa nikah sarta anakna anu dilahirkan
henteu nyaho budayana ku kituna budaya sunda diacuhkan sarta budaya jawa ditinggalkeun.
Kitu deui Sasama jelema sunda arang ngagunakeun basa wewengkonna.
Éta pisan sawatara kegelisahan anu dirasakeun ku jumplukan kamiterhadap budaya urang
bangsa Indonésia umumna sarta suku sunda hususna.



Kiwari loba budak ngora anu geus teu maliré deui kanu budaya sunda,                            
kamajuan teknologi salian ti mere pangaruh positif, ogé aya pangaruh negatifna kanu
kalestarian budaya sunda.Teknologi loba anu ngagunakeun basa asing. Kitu deui pangaruh badag
ti télévisi, internet sarta média séjénna. Ampir ti satengah wayah maranéhanana bersinggungan jeung
barang sarupaning éta. Média, anu dijerona télévisi miboga andil badag dina pergeseran budaya
lokal.Pangajaran di sakola ogé leuwih loba ngagunakeun basa asing jeung basa Indonésia.
Sangkan basa sunda teu nepi ka leungit, ku kituna di tiap sakola kudu di ayaleun
pangajaran basa sunda, sarta kudu diayakeun salah sahiji poé dimana barudak kudu ngagunakeun bsasa sunda di sakola.




Leungitna kabudayaan sunda digolongan rumaja salah hijina bisa disebabkan ku pergaulan sarta lingkungan kulawarga.
Dina ayeuna pergaulan digolongan rumaja hususna rumaja sunda pohara memprihatinkan alatan ayeuna kabudayaan sunda kawas basa sunda sarta kasenian sunda séjénna geus mimitian kapopohokeun ku golongan rumaja.  Kaayaan ieu disebabkan ku lobana kabudayaan deungeun anu geus mimitian asup sarta ngagantikeun kabudayaan sunda ayeuna.
contona:
Para rumaja ayeuna leuwih mindeng ngaregepkeun sarta leuwih loba hafal lagu-lagu barat dibandingkeun kawih atawa tembang-tembang sunda.
Ku alatan éta urang minangka generasi ngora anu paduli ka kabudayaan sunda hayu babarengan melestarikan budaya sunda éta sorangan ku cara:
1. Mikawanoh, Diajar, nyurtian, sarta mitresna budaya sunda.
2. Ngagunakeun basa sunda minangka basa dina kahirupan sapopoé.
3. Leuwih loba ngadéngé kawih-kawih sunda.




[Essai] “Pentingna budaya sunda di kalangan pelajar”

“Pentingna budaya sunda di kalangan pelajar”
Ku: irvan f rochman
Xii ipa 2
Di era globalisasi, kalagan rumaja mulai poho kana kabudayaan urang sorangan nyaeta “budaya sunda” kalagan rumaja jaman ayeuna mulai pro kana kabudayaan barat contona ahir-ahir ieu budaya sunda khususna budaya ngawih, mulai digentos ku budaya asing sapertos lalaguan K-pop, Lagu barat jsb. Budak SMA jaman ayeuna mah asa jarang pisan ngahaleuangkeun pupuh
Tapi tong salah aya hal positive anu tiasa urang candak nyaeta urang sunda teh teu katinggaleun jaman dina hal music, sabab jaman ayeuna mah jalmi anu tiasa ngahaleuangkeun lagu barat pasti jago kana bahasa inggris na,,
Naon ari hal negative na? , tong salah dampak negative ti budaya asing the leuwih parah tibatan budaya urang sorangan sabab contona dina hal music , tangtos dina music sok aya video clipna, tah tina video klip eta meureun para rumaja teh nurutkeun hal-hal anu teu cocok sareng kabudayaan urang sapertos dina pakaian nana, gaya basa na sareng karakterna
Tah ninggali kajadian eta, kuring salaku para rumaja kudu tiasa nyandak hal anu positip yen budaya sunda teu jadi budaya anu katinggalan jaman


Artikel Bahasa Sunda

Basa, Kasenian, jeung Kahirupan Sunda

Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.

Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.

Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.

Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.

Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.

Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.

Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.

Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.

kuayana kamekaran téknologi internét nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. 

Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.

Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. 

Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa  didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.

Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang. 

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.

Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.***





BAB I
BUBUKA
1.1  Kasang Tukang Masalah
Kabudayaan mangrupakeun hasil, cipta, rasa, karsa jelema. Kabudayaan mangrupakeun modal kanggo ngembangkeun kabudayaan nasional. Kabudayaan mangrupakeun salah sahiji ciri bangsa. Wangun kabudayaan : (1) Kabudayaan mangrupa ide/gagasan diantarana elmu pangaweruh, adat istiadat, & aturan. (2) Kabudayaan mangrupa kabiasaan saperti adat kabiasaan dina cara campur gaul, seni, jeung kawinan. (3) Kabudayaan mangrupa banda saperti pakakas nu aya di imah, banda saperti emas, keris jeung alat transport.
Basa Sunda mangrupakeun salah sahiji kabudayaan mangrupa ide/gagasan. Basa Sunda nyaeta basa asli anu aya di Tatar Sunda. Basa Sunda oge malahan kaasup basa anu kiwari keur loba ditekunan ku bangsa lain di dunia, kaasup di Amerika.
PBB ngalangkungan UNESCO kantos netelakeun kumaha pentingna ngajungjung basa indung. Hartina, urang Sunda kedah ngajungjung lungguh basa Sunda minangka basa Indungna. Usaha UNESCO dina ngajungjung basa Indung nyaeta netepkeun unggal ping 21 Pebuari janten Poe Basa Indung Internasional. Ku kituna, unggal taun di Bandung sok diayakeun mieling eta poe. Mugia wae ngalangkungan eta acara, tiasa ngahudang karep urang raraga ngamumule jeung miara basa katut budaya Sunda.
Basa Sunda anu beunghar ku kecapna ieu, kiwari geus mimiti rek carem, disababkeun loba masyarakat Sunda umumna jeung Nonoman Sunda hususna anu jadi panerus malah kurang aya minat kanggo ngajaga jeung ngamumulena. Padahal, jalma luar suku Sunda loba anu hoyong diajar basa Sunda ku hese jeung susahna. Jeung sabalikna, jalma asli suku Sundana malah ngantep.
1.2  Rumusan Masalah
Sakumaha Kasang Tukang diluhur pangarang ngarumuskeun masalah saperti kieu :
1.      Naon anu jadi alesan Nonoman di Tatar Sunda kurang aya minat make basa Sunda dina kahirupan sapopoe ?
2.      Kumaha carana sangkan budaya basa Sunda henteu carem ?
1.3  Watesan Masalah
Tina Rumusan Masalah diluhur pangarang ngawatesan Masalah ieu saperti kieu :
Kurangna minat dina basa Sunda di kalangan Nonoman Sunda
1.4  Tujuan
Tujuan anu pangarang piharep tina Karya Tulis Ilmiah ieu nyaeta :
1.      Kanggo nyumponann salah sahiji pancen dina mata pelajaran Basa Sunda nyaeta pancen ngajieun hiji karangan bahasan (Karya Tulis Ilmiah) di SMP Negeri 1 Sumedang tahun 2013/2014.
2.      Kanggo ngajentrekeun naon wae hal anu ngajadikeun basa Sunda kurang diminatan ku Nonoman di Tatar Sunda.
3.      Kanggo ngajentrekeun naon wae cara supaya basa Sunda henteu carem.

1.5  Mangpaat
Bahasan (Karya Tulis Ilmiah) ieu dipiharep bisa mere mangpaat kanggo anu maca sareng anu ngawulang dina ningkatkeun kapadulian dina Basa Sunda. Mangpaat anu diharepkeun ku pangarang nyaeta :
a.       Kanggo Pangarang
Kanggo nambihan  kanyaho jeung elmu pangaweruh anu langkung jembar, sarta Bahasan (Karya Tulis Ilmiah) ieu bisa jadi awal kanggo ngerjakeun Bahsan (Karya Tulis Ilmiah) salajengna tangtu wae anu lewuih hade tibatan Bahasan (Karya Tulis Ilmiah ieu).
b.      Kanggo Numaca
Kanggo nambahan pangaweruh yen jadi Nonoman teh kudu ngajaga jeung ngamumule basa Sunda anu kiwari rada leungit tina kabiasaan sapopoe.
c.       Kanggo nu Ngawulang
Kanggo nambahan elmu pangaweruh guru supaya lebih ningkatkeun jeung nambahan elmu pangaweruh hususna kabudayaan perkawis Kabudayaan daerah kanggo siswa-siswi.
d.      Kanggo SMP Negeri 1 Sumedang
Bahsan (Karya Tulis Ilmiah) ieu tiasa dijadikeun sumber informasi kanggo bahasan (Karya Tulis Ilmiah) salajengna, mugia oge bahasan (Karya Tulis Ilmiah) ieu bisa dijadikeun sumbangan jeung bahan informasi kanggo SMP Negeri 1 Sumedang.


1.6  Sasaran
(Bahasan) Karya Tulis Ilmiah ieu ditujukeun kanggo Nonoman di wilayah Sunda hususna jeung umumna masyarakat Sunda.
1.7  Padika Panulisan
Padika Panulisan anu digunakeun pangarang dina ngajieun Bahasan (Karya Tulis Ilmiah)  ieu nyaeta :
Padika Literature
Nyaeta ngagunakeun media buku atawa internet.
1.8  Sistematika
Sistematika anu digunakeun pangarang dina ngajieun karya tulis ieu nyaeta :
-          BAB I anu diwangun ku :
Kasang Tukang, Rumusan Masalah, Watesan Masalah, Tujuan, Mangpaat, Sasaran,  Padika, dan Sistematika
-          BAB II anu diwangun ku :
Alesan Nonoman Sunda anu kurang aya minat ngomong basa Sunda dina kahirupan sapopoe.
-          BAB III anu diwangun ku :
Kacindekan jeung Saran.


BAB II
KAJIAN TIORI

2.1  Hal anu ngajadikeun basa Sunda kurang diminatan ku Nonoman di Tatar Sunda
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua ngaran geus teu aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna, tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu salah ngalarapkeunanana.
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna, tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung ngjawab tangtangan kahirupan.
Kuayana kamekaran téknologi internét nu  ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. 
Kolot henteu ngawanohkeun budaya sunda ka barudak maranéhanana. Padahal perkenalan saprak dini bisa numuwuhkeun minat barudak ka budaya local. Sumawona lumangsung perkawinan silang. Conto, jelema sunda sarta jelema jawa nikah sarta anakna anu dilahirkan henteu nyaho budayana ku kituna budaya sunda diacuhkan sarta budaya jawa ditinggalkeun. Kitu deui Sasama jelema sunda arang ngagunakeun basa wewengkonna.
Éta pisan sawatara kegelisahan anu dirasakeun ku jumplukan kami terhadap budaya urang bangsa Indonésia umumna sarta suku sunda hususna.Kiwari loba budak ngora anu geus teu maliré deui kanu budaya sunda, kamajuan teknologi salian ti mere pangaruh positif, ogé aya pangaruh negatifna kanu kalestarian budaya sunda.Teknologi loba anu ngagunakeun basa asing.
Kitu deui pangaruh badag ti télévisi, internet sarta média séjénna. Ampir ti satengah wayah maranéhanana bersinggungan jeung barang sarupaning éta. Média, anu dijerona télévisi miboga andil badag dina pergeseran budaya lokal.Pangajaran di sakola ogé leuwih loba ngagunakeun basa asing jeung basa Indonésia.Sangkan basa sunda teu nepi ka leungit, ku kituna di tiap sakola kudu di ayaleun pangajaran basa sunda, sarta kudu diayakeun salah sahiji poé dimana barudak kudu ngagunakeun bsasa sunda di sakola.
Leungitna kabudayaan sunda digolongan rumaja salah hijina bisa disebabkan ku pergaulan sarta lingkungan kulawarga.
Dina ayeuna pergaulan digolongan rumaja hususna rumaja sunda pohara memprihatinkan alatan ayeuna kabudayaan sunda kawas basa sunda sarta kasenian sunda séjénna geus mimitian kapopohokeun ku golongan rumaja.  Kaayaan ieu disebabkan ku lobana kabudayaan deungeun anu geus mimitian asup sarta ngagantikeun kabudayaan sunda ayeuna.
contona:
Para rumaja ayeuna leuwih mindeng ngaregepkeun sarta leuwih loba hafal lagu-lagu barat dibandingkeun kawih atawa tembang-tembang sunda.
2.2         Cara supaya basa Sunda henteu carem
Saeutikna aya tilu perkara anu bisa jadi tarekah sangkan basa Sunda janten kareueus nonoman Sunda. Saperti ieu :
1.       Basa jeung budaya Sunda kedah tiasa midang luyu jeung kamekaran elmu pangaweruh katut paneka teknologi. Tangtos diluyukeun oge kana situasi dianggona. Upamina wae basa Sunda dipidangkeun dina situs-situs intrenet, dianggo nyerat buku-buku paelmuan, dianggo nyerat serat-serat resmi ti kantor pamarentahan, dianggo nyerat jenengan wangunan di sakuliah Jawa Barat, katut dianggo basa resmi dina biantara-biantara gegeden pulitik. Hal ieu sangkan basa Sunda teh katembong mampuh tur ngingelkeun jaman.
2.      Meumpeung aya lolongkrang, meumpeung aya kaludeung, oge meumpeung aya widi ti nu Maha Suci, bari eces jentre aya Perda No. # Tahum 2005 katut SK Gubernur Jawa Barat, pangajaran basa Sunda teh kedah diwulangkeun di sakola-sakola ngawitan ti TK dugi ka SMA. Jalaran numutkeun para ahli budaya, pakakas pangseukeutna kanggo ngawariskeun budaya teh taya sanes pangajaran sareng sakola. Di sakola nonoman Sunda baris diwaris tur dideudeul rupaning elmu pangaweruh ka guruna.
3.      Dina kahirupan kiwari mah tos teu luyu deui urang nembongkeun sikep parangakat-purungkut, kodomoyo, bari sumuhan dawuh mangga ti payun. Ayeuna mah tos waktosna urang teh kudu goong nabeuh maneh. Nembongkeun kabisa tur katapis nyiptakeun karya dina sagala widang nu aya mangpaatna keur balarea. Jalaran dina enas-enasna mah, ngaronjatna ajen basa jeung budaya Sunda teh gumantung kana kapribadian nu makena, nyatana urang Sunda. Ayeuna urang teu kudu gimir mayunan alam kamoderenan, tapi estuning kudu saged tur tarapti. Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket.
Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa Indung Internasional.
Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan. 
Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa  didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.
Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang. 
Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé.
Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan.
















BAB III
PANUTUP
3.1  Kacindekan
3.1.1        Ku Pancen ngajieun (Bahasan) Karya Tulis Ilmiah ieu, pangarang ngaharep meunang mangpaat anu bakal jadi bekel kanggo kapayunna. Sarta, dina ayana pancen ieu ngajadikeun pangarang lewuih bisa terampil jeung tanggung jwab dina ngalaksanakeun pancen anu ditampi ku pangarang.
3.1.2        Dina masalah anu dikaji ku pangarang ieu pangarang ngaharepkeun pisan supaya masyarakat Sunda umumna, oge Nonomanna hususna bisa ngajaga jeung ngamumule basa Sunda supaya henteu carem. Urang salaku makhluk sosial memang kudu ngabaur jeung Globalisasi namung leuwih hade lamun kabudayaan basa urang sorangan oge tetep dijaga jang engke anak incu urang kaharepna.
3.2  Saran
3.2.1        Saran anu bakal pangarang dugikeun nyaeta pangarang miharep para kolot sangkan ngajarkeun basa Sunda ka anak-anakna supaya anak-anakna ngarti pentingna ngajaga kabudayaan.
3.2.2        Ngilu aubna Pamarentah jeung Nu Ngawulang oge penting pisan. Diharepkeun diayakeun lomba-lomba anu ngeunaan kabudayaan basa Sunda. Bisa wae lomba nulis carita pondok, nulis karangan esay, maca jeung nulis sajak, jeung sajabana.
DAPTAR PUSTAKA




Sudaryat, Yayat. 2011. Simpay Basa Sunda Jilid 3.
     Jakarta: Erlangga.


2 komentar:

  1. Assalamualakum..
    mani panjang2 teuing, langkung sae upami dina format pdf.
    sakantenan ngiring ngabala didieu

    http://www.mygurukufile.ml/2016/03/media-pangajaran-aksara-sunda.html

    BalasHapus
  2. Saya sangat berterima kasih banyak MBAH RAWA GUMPALA atas bantuan pesugihan dana ghaib nya kini kehidupan kami sekeluarga sudah jauh lebih baik dari sebelumnya,ternyata apa yang tertulis didalam blok MBAH RAWA GUMPALA itu semuanya benar benar terbukti dan saya adalah salah satunya orang yang sudah membuktikannya sendiri,usaha yang dulunya bangkrut kini alhamdulillah sekaran sudah mulai bangkit lagi itu semua berkat bantuan beliau,saya tidak pernah menyangka kalau saya sudah bisa sesukses ini dan kami sekeluarga tidak akan pernah melupakan kebaikan MBAH,,bagi anda yang ingin dibantu sama MBAH RAWA GUMPALA silahkan hubungi MBAH di 085 316 106 111 insya allah beliau akan membantu anda dengan senang hati,pesugihan ini tanpa resiko apapun dan untuk lebih jelasnya buka saja blok MBAH PESUGIHAN DANA GHAIB


    BalasHapus